weird

About Me

Foto saya
saya hanya pemuda biasa dari kalangan masyarakat biasa pula dan mempunyai kebiasaan yg biasa spti pemuda² pada umumnya pokonya biasa lah. "woles ajah"

it was nothing :P but if you enjoy with this page, oke laah just read it :)~make it a habit to leave a comment~

Kamis, 27 Mei 2010

saur KURNIA

atos dua dinten kapengker cuaca didieu teu katulungan panasna..
ngaheab pisan kulit dugi ga prot protan ku kesang
Di wanci sore sore pas kurnia bae ibak pasosore cor anjeuna ngocorkeun cai na keran aripekteh pas di cabak caina subhanalloh meuni haneuuuut gusti asa di Sari Ater *sigana mah efek cuaca panas janten cai dina torn ngagolak* asa bungah hate kurnia mendak cai haneut... teras we anjeuna teh ibak lamiiii pisan asa putri solo kuat di sabun oge meni diresapi tuh kitu oge pas nyeka busa sabunna meni denok pisan :P lalaunan asa slow mode dina film MATRIX ari taeun teh saurna Kurnia nuju ngararasakeun cai haneut anu ngocor tina keran asa bagja atuh da pasti, anjeuna teh atos jor joran ka pulau sebrang tos 3 sasih langsung nya rada dimaklum we upami anjeuna aya rasa kangen sareng cai panas dina jero hate Kurnia "Duh iraha bisa ngeu'eum dina cai haneut beneran dina hot spring ari bahasa gaulna mah" waktos nyerelek teu karaos . . beres ibak aya panginten kana sajam Kurnia nguyubek di cai, dasar nasib kapalang sial ari kaluar ti cai teh singhoreng ngelekeb deui wae ckckck dasar kota nurustunjung jam 7 masih we ngaraos hareudang atuh kesangan deui saawak² ujang kurnia teh...
cing sabar nya' jang hirup teh tong diraraos paitna. . upami mendak anu pait tong waka di utahkeun sami oge upami mendak anu amis tong waka langsung di teleg . . da ari urg mah teu apal tea kadang aya anu amis tapi malah ngabalukarkeun ka diri sorangan teu sakedik oge justru anu pait bakal janten ubar kanggo urang dimasa depan


hanjeeeh aink geje ginih =)) kumaha barudak ngalarti tidak ???










2 komentar:

nieran mengatakan...

ngartos kong :) like this lah !!!

balakutak a.k.a oncom mengatakan...

iyah atuh hatur nuhun :)

Posting Komentar

Followers